Pangwanoh

From translatewiki.net
This page is a translated version of the page Translating:Intro and the translation is 67% complete.
Outdated translations are marked like this.
translatewiki.net
Pangwanoh
Mitembeyan
Tutorial di tarjamah
Kumaha ngamimitian
Tempo oge
Palanggeran ngalokalkeun
Luring
NLD
Support

Pangwanoh

Sacara umum, narjamahkeun atawa ngalokalkeun penting, ku kituna jalma-jalma anu henteu mengerti basa Inggris bisa ngilu ngagunakeun pakakas beyé komputer. MediaWiki dipaké minangka hiji conto pikeun ngajalankeun Wikipedia dina sagala rupa basa, sarta lantaran éta narjamahkeun MediaWiki sakaligus mantuan loba jelema pikeun ngaksés kanyaho leupas dina basa maranéhanana sorangan. Tempo ngeunaan istilah-istilah ieu saterusna di dokuméntasi Gettext sarta di Wikipedia.

Dina translatewiki.net kami ngawangun sarta mayeng ngaronjatkeun infrastruktur sistim narjamahkeun anu gampang pikeun proyék-proyék sumber kabuka sarta dokumén-dokumén leupas. Kami narékahan pikeun ngahontal dua tujuan kami.

Tujuan kahiji kami nyaéta efisiensi. Pikeun ngaronjatkeun efisiensi prosés kasebut, kami terintegrasi sacara pageuh kalayan prosés ngembangkeun pakakas beyéna sangkan revisina tetep pendék. Minangka tambahan, kami ngamekarkeun parabot pikeun mengotomatisasikan prosés integrasi tarjamahan. Ku kituna, kabéh panarjamah ngan perlu konsentrasi pikeun ngalakonan narjamahkeun saalusna teu perlu mikiran prosés-prosés séjénna.

Tujuan kadua kami nyaéta kolaborasi. Sistem ieu sapinuhna diwangun didasarkeun dina sistem wiki. Mediawiki nyaéta pakakas beyé wiki populér anu matak bisa urang pikeun ngawangun komunitas kolaborasi. Kami nyorong para panarjamah pikeun silih mantuan sacara lintas proyék sarta lintas basa dina sagala rupa cara, sarta minangka pangiket antara para developer sarta panarjamah.

Anjeun henteu perlu weruh carana nyieun program. Lamun Anjeun familier jeung pakakas beyé wiki, Anjeun baris nempo gampangna ngagunakeun translatewiki.net. Pasaratan anu diperlukeun saukur mengerti basa-basa kalayan alus, hiji penjelajah ramat, sarta pikiran anu kabuka.

Proyék utama ti translatewiki.net - Mediawiki - ayeuna dipaké dina leuwih ti 250 basa. translatewiki.net narima revisi sarta pembaruan narjamahkeun dina leuwih ti 100 basa saban bulanana.